Friday, December 21, 2007

Bangkarak

Ku: Supriatna

Seahna modernisasi geus tembus ka Pasirbungur, lembur indung budak, lembur tujuan apel kuring bareto.

Peurah pangaruhna geus sumarambah nepi ka suklak-siklukna, dibawana ku urang kota nu ngalumbara ka dinya, atawa ku urang dinyana nu purah saba kota. Tapi pangpangna mah nu ragragan ti langit we, radio jeung televisi.

Ciciren jeung rarangken jaman moderen bruh-breh di sakuliah lembur. Imah, pakarangan, katut paparabotanana, jalma, papakean, katut paripolahna, estuning barareda jauh Jeung nu baheula.

Suhunan julang ngapak, jogo anjing, jeung badak heuay, ukur ngageugeuh na panineungan bungkeuleukna mah geus euweuh, kasieuh-sieuh ku potongan Sepanyol.



Runtah daun cau, daun waru, daun tisuk, nu lamun geus buruk jadi gemuk nu matak subur kana taneuh, kalindih ku runtah pelastik nu tara buruk dikubur taun-taun.

Tampian pangdeugdeugan jalma salelembur nu teu weleh rame ku rupa-rupa sora, ayeuna mah rehe-combrek siga astana anggang ka lebaran. Di saban imah geus cur-cor ledeng ayeuna mah. Malah sumur ge rea nu direumpeuk diburungkeun.

Awewe disamping jangkung, digelung jucung, ayeuna mah ukur aya dina gambar. Nu rendang kumelendang ayeuna mah nu dicalana setrit jeung begi. Pan nu ngarambet ge ayeuna man ditraining, dudukuy cetokna diganti ku topi korpri.

Ronda ngariung durukan, bari mubuy sampeu beunang ngarabut ti kebon saha bae, ayeuna mah geus tara kawenehan. Ronda jaman ayeuna mah ngariungna hareupeun tipi, ngabobotohan Si Ronaldo.

Pangelatan titiran nu bareto rajeg meh di saban buruan, ayeuna mah teu hiji-hiji acan. Diganti ku antene tipi pajangkung-jangkung parubak-rubak. Ninggang di imah panggung sagede saung mah, diantenean ngemplad panjang kitu teh, bleg weh helikopter mogok. Keun mun nu rarobah kitu teh ukur cungkung-cangkang lahiriah mah, ngan orokaya da tembus nepi ka jero-jeroanana. Hirup sabilulungan jeung tulung tinulungan musna, jeung batur salembur teh ayeuna mah rea hare-hare, masing-masing tungkul kana bubutuh jeung urusan sewang-sewangan bae.

Mun bareto aya nu kuriak, ari ukur ngukat-ngakut bata, batu, keusik, apu, jeung sajabana mah, tatangga nu jauh nu deukeut ge bereyek we ngabarantuan teu karana dititah, komo diburuhan mah. Malah tukang bas atawa tukang tembok mah mun tatanggana kuriak teh sok nyumbang tanaga sapoe dua poe bae mah, mun keur boga garapan ge, diselang we heula. Ayeuna mah boro-boro kaperluan pribadi siga kitu, kana gawe gotong-royong ge ayeuna mah rea nu sangeuk, malah apan nanggung jampana Agustusan ge kudu diburuhan, diitung ngabedug, bari sugrining eusi jampana dihengkopkeun, minangka nganteuranana!

Kitu ayeuna mah kahirupan lahir-batin urang Pasirbungur teh.

Mana teu kira-kira kuring ngarasa kagetna ku pangalaman kuring dina hiji poe di Pasirbungur, basa kuring keur kabeneran aya perlu badamikeuneun jeung mitoha. Kieu caritana teh.

Rebun-rebun harita teh.

Sakumaha biasa ari keur aya di lembur, mun keur usum suung mah rebun-rebun teh sok gura-giru kuring ka kebon neangan suung. Sok resep pisan ngala suung teh sabab melak henteu, ngala weh!

Kakara ge kaluar ti buruan imah mitoha, gok teh amprok jeung Mang Medi, kapipaman pamajikan.

“Yeh, geuning Ujang? Iraha ti Bandung?” pokna nanya.

“Kamari sonten.” Cekeng bari song ngasongkeun leungeun ngajak sasalalaman.

“Sarerea, nyah?” Cenah bari nampanan leungeun kuring. . .

“Henteu, abdi we,” tembal kuring.

“Kumaha, calageur?”

“Alhamdulillah, sawangsulna Emang, Bibi?”

“Cageur,” cenah.

“Bade angkat ka serang Emang teh?”

“Enya rek neang galeng rarempag kacaahan! Mani ngecrek peuting mah hujan teh!” cenah.

“Mangga atuh ti payun,” cekeng bari namprakkeun dampal leungeun.

“Ujang rek ka kebon, nyah?” cenah bari leumpang miheulaan.

“Muhun,” cekeng bari ngiclik nuturkeun.

“Sepor!”

“Muhun.”

“Bari neangan suung geura, bareukah tas kahujanan mah.”

Leumpang patutur-tutur da kabeneran sajurusan. Mang Medi rek neang galeng, kuring rek neangan sugan jeung sugan.

Tah, keur patutur-tutur ngabaduy kitu, kuring manggih pangalaman nu matak helok teh, nu taya lian paripolah Mang Medi nu kabandungan ku kuring salila patutur-tutur.

Mimiti mah leumpang teh mapay-mapay jalan desa, genah da diaspal. Sanggeus ngaliwatan got, leok mengkol ngenca ka jalan satapak.

“Naha Emang teu angkat icalan?” kuring nanya dumeh nyaho yen anjeunna teh tukang dagang kaen jeung pakean, ngider ka jauhna, ka bawahan Kadipaten matuhna mah.

“Kagok! Pan Intawi keur kuriak, cenah pageto rek datang kenteng, rek ngabantuan heula nanggungan jeung naekkeun. Karunya, mangkaning rada anggang ti jalan,” cenah bari reg leumpangna ngarandeg. “Tuh geuning! Galeng batur ge rarempag kieu yeuh!” cenah bari gecruk, gecruk, mangmenerkeun galeng batur nu enya rempag saeutik, “Komo nu Emang mah geura di lebak!”

“Serang kagungan saha ieu teh?” kuring nanya.

“Nu Kang Sarma, uwa Ujang mah ka Kang Sarma teh,” jawabna bari terus memener galeng nu rempag ku cai limpas. Kuring jadi teu puguh cabak ngajanteng hareupeun nu keur barang gawe teh, mandor-mandor lain. Ari rek mantuan teu mekel pacul. Ketah, da moal becus dina mekelna ge.

“Nam, ah!” cenah bari gedig deui leumpang geus beres mah, kiclik deui kuring nuturkeun.

“Bisi rusuh, henam atuh ti heula, Jang!” titahna.

“Wios, mangga we! Pira ulin abdi mah,” walon kuring. Jog anjog ka susukan.

“Beu, ieu cukang! Batan pasiksak kieu!” ceuk Mang Medi, leumpangna ngarandeg deui, “cik eta awi!” cenah bari nunjuk awi sateukteuk nu ngagoler deukeut suku kuring. Kuring mulung eta awi sarta song diasongkeun ka Mang Medi. Gap ditampanan, terus dibebener sina ngajajar deui jeung baturna.

“Panyempedna lesot, jadi arucutan kieu!” cenah bari guriwel-guriwel memener tali awi pameungkeutna, geus bener, reketek-reketek ditarikan nepi ka pageuh pisan. Pancuhna dipeupeuhan ku gelung pacul nepi ka nyeceb deui.

Geus kitu bring deui leumpang. Tapi kakara ge sawatara puluh lengkah geus reg deui ngarandeg da Mang Medi nyelang heula mangmenerkeun teuing tangkal cau saha, nu meh rubuh alatan tunjelna mecel.

“Lebar, cau sakieu baradagna!” cenah.

“Ieu teh serang Kang Dayat, nya Mang?” ceuk kuring.

“Enya asalna mah, tapi digaleuh ku Pa Kuwu, pan dikaluarkeun basa anakna rek asup digawe di pemda tea,” cenah, sorana datar, bari reunteut, reunteut, ngareunteut-reunteutkeun keuneungna, meungpeukan liang keuyeup nu patingpolongo dina galeng sawah Pa Kuwu.

“Ituh! Ngahaja-haja neangan mah teu manggih, ayeuna mah jol breh waeh!” ceuk Mang Medi bari nunjuk ka beulah kaler.

“Naon, Mang?” ceuk kuring. Panenjo nuturkeun curukna nu ngacir.

“Itu mangandeuh. Si Erat cenah butuh keur ubar anakna, teuing gering naon budak teh make kudu diubaran ku mangandeuh. Keun engke balik urang pangnigaskeun, karunya ti kamari nyiar can beubeunangan.”

“Di Puncak sok seueur nu icalan teh, regreg sisi jalan, landong kanker wartosna mah,” ceuk kuring.

“Mangandeuh enteh eta mah.”

“Muhun.”

“Ka mangandeuh-mangandeuh jadi duit di kota mah.”

Panonpoe can deuk nembongan, halimun nu kandel ngahalangan sorotna. Beuki jauh ti lembur sora manuk beuki jentre recetna.

“Ujang mah ngaler lin?” ceuk Mang Medi lebah cagak jalan satapak.

“Muhun,” cekeng.

“Pek atuh nya, Emang mah deuk terus, iraha rek ka Bandung deui?”

“Pasisiang rupina,” cekeng.

“Yeh, geuning?”

“Nuju sedeng pisan pidameleun atuda ayeuna teh, nyelang heula nepangan bapa teh, wantuning peryogi pisan we,” walon kuring.

“Heu pek atuh, pada-pada salamet, nya!” cenah bari nurugtug ka lebak, muru ka lebah sawahna.

Kuring ngajanteng, nyerangkeun heula nu ngaleos. Katembong keneh Mang Medi mancong-mancongkeun paculna lebah tanjakan nu rek disorangna. Pasti keur nyengked-nyengkedkeun jalan liliwatan sangkan nu ngalaliwat teu leueureun teuing.

Sanggeus jirim Mang Medi ngiles diteureuy pengkolan, kakara kuring ngalengkah deui neruskeun lalampahan. Hate pinuh ku kahelok ngabandungan sakur paripolah Mang Medi cikeneh.

Geuning aya keneh di ieu lembur jalma nu kitu paripolahna! Saniskara nu kasak-sian cikeneh bener-bener mangrupa conto nu patotos ahlak nu pinuji. Mang Medi enya-enya boga rasa kamanusaan nu kandel pisan. Nyieun amal kahadean ka papada jalma teh estuning geus ngagetih-daging dina dirina.

Mang Medi nunda piinditeun usaha nepi ka pageto lantaran hayang mantuan batur ngakutan kenteng. Hartina Mang Medi ngabaekeun kana piuntungeun anu mungkin kapuluk salila dua poe usaha, sok padahal manehna teh samasakali lain jelema salieuk-beh, malah kasebut jelema butuh.

Mang Medi hideng mangmenerkeun galeng sawah Wa Sarma. Pasti jauh-jauh ka muruhan—Wa Sarma moal nganuhunkeun-nganuhun-keun acan, da nyahoeun ge can karuhan yen nu mangmenerkeun galengan teh Mang Medi. Malah can karuhan nyahoeun galengna kungsi rempag ge.

Mang Medi kalawan teu mikir heula memener cukang nu pasiksak kateumbrag caah, bari teu hayang katangar yen manehna nu boga jasa. Teuing sabaraha jalma nu digenahkeun lalampahanana ku cukang beunang ngawewegan Mang Medi.

Nenjo tangkal cau batur rek rubuh, spontan dipangnunjelkeun. Nenjo galeng batur malolongo ku keuyeup, dipangjejekkeun. Tatanjakan leueur matak tiseureuleu dipangnyengkedkeun. Tatangga butuheun mangandeuh, geus niat rek mangnigaskeun.

Resep temen hirup siga kitu, sauyunan, silih eledan, silih ngeunahkeun, padahal kuring yakin Mang Medi moal mantra-mantra acan kana sarupaning penataran budi pekerti saperti P-4, Kadarkum, Kebersamaan, Sadar Lingkungan jeung sapapadana.

Rea keneh kitu jaman ayeuna jalma kawas Mang Medi? Boa-boa Mang.Medi teh tinggal bangkarakna.***

Jatinangor, Nopember 2003

No comments: